Rabu, 27 Januari 2016

Cinta Mamat

     Cinta anu nuju rame di omongkeun ku barudak jaman aye na, nyaeta cinta ka jalmi anu matak di pikeresep kalawan jenis na . Dina hiji wastana mamat bin rahmat bin amat anu sok di sebat Mamat di Cimalang, anjeun na resep kahiji awewe nu wasta na Siti Mimin maesyaroh maemunah maen beklas ge aya ,anu sok di sebat Mimin .Mimin anu bapa na ustadz kasohor di lembur na, hanes kapedah Mimin bapa ustadz we anu matak kasohor na teh,  tatapi kageulisan Mimin anu matak ngagaragoda pemuda kangge ngadeketan Mimin meh jadi kabogoh na. Ngawitan na mah Mimin teh pas nuju yuswa na 6 tahunan di alihkeun ka pesantren teras pas yuswa na 19 tahunan, uih deui ka kolot na kangge ngajar murangkalih di ajar ngaos Al-qur'an di bumi na . Mamat anu ngawitan ninggal ka Mimin pas keur pangajian peuting ba'da isya pemuda pemudi anu sok di aya keun unggal rebo, Mamat anu nembe ninggal ka Mimin langsung naroskeun ka Aldo " aldo saha itu ngaran na awewe anu geulis pisan, bahenol siga gitar Spanyol , anu ku urang matak di pikahoyong?" teras aldo ngawaler  "maenya maneh teu kenal,  eta mah budak na  pak ustadz zaelani zaenudin anu nembe dongkap kamari"teras mamat rada bingungeun kapedah eta budak na pak ustadz zaelani anu kasohor ku kategasannana "aduh eyy  ari kitu mah kedah ngapalkeun hela alfiyah" saur Mamat sabari benget anu bingung "akh maneh mah!! Jurmi'ah ge ke rek apal salembar, gagayaan hayang apal alfiyaah,  geus we pohokeun Mimin mah keun bae we da moal kacumponan hehehe " waler aldo anu sabari ngaledek jeung nyengseurikeun  "akh pokona mah kudu bisa menangkeun hate Mimin,  lamun sarat na ngapalkeun alfiyah , dek di lakukeun ku urang mah da , Manjadawajada we urang mah ah " tegas waler Mamat ku jiwa pemuda na  " cakeplah omongan na mah, tapi kudu jeung buktos na nya!! Meh semangat maneh lewih hade,  hayu pangajian hela" cek aldo sabari ngajam asup ka masjid  " hayu atuh, bisi berkat na beak lamun kaberangan mah" cek mamat sabari herey. Pas di pangajian anu maca shalawat na teh Mimin, dugi mamat pas beres ngadangukeun shalawat ti Mimin, teu ngadangukeun ustad nuju ceramah Dugi atos beres na pangajian,  anu di inget-inget teh cuman sora na Mimin anu merdu pisan.
      Supaya meh hate Mimin resep ka Mamat!! Mamat sok shalat berjamaah wae unggal poe , kapedah mimin shalat na di masjid sabari shalat berjamaah. Mamat sok ningalikeun mimin we lamun di masjid teh,  tapi pas mimin ningal ka anjeun na!! Mamat langsung ngabalieur sabari anu teu katempo ningalikeun.
      Dina dinteun enjing-enjing  mamat ningal Mimin atos balanja di pasar,  ninggal kitu Mamat langsung nyamerkeun Mimin, "Assalamualaikum".salam mamat bari atoh tea "waalaikumsalam"Mimin Ngawaler,  anu matak hate Mamat bungah pisan nembe ngadangu sakecap sora  Mimin " atos ti mana neng?" Naros Mamat ku raray anu manis "atos ti pasar mang" waler Mimin "oh muhun atuh, ieu teh murangkalih na pak ustadz zaelani?" Saur mamat naros deui anu basa basi hayang deket jeung mimin " muhun,  abi murangkalih na pak ustadz zaelani, nu wasta na Mimin. Ari ieu sahanya?" Saur mimin naros sabari dek balik ka imah na "abi Mamat, tetangga pak ustadz zaelani" cek mamat anu ngaluarkeun senyum na dahsyat na dugi halilitar ngageuleugar  " oh muhun atuh,abi bade mulang hela ka bumi, salam kenal we nya, assalamualaikum " cek Mimin sabari ninggalkeun mamat " oh muhun mangga, waalaikumsalam" waler mamat anu atos bungah tiasa ngobrol sareung Mimin.
       Pas mamat nuju di imah na,  mamat langsung ka kamar na teras ngadamel serat cinta kangge Mimin . Saatos serat na beres,  eta serat di titipkeun ka odo (murangkalih anu ka ajar ngaos ku mimin) kangge serat cinta ti mamat  di pasihkeun ka Mimin. Sanajan serat cinta eta alay, tapi mamat bungah pisan da eta serat atos di baca ku Mimin . Padahal na mah Mimin atos aya lalaki anu bade ngalamar ka ima na,  tapi Mamat teu apaleun.  Ka isukan nana,  aya serat ti mimin kangge mamat anu di titipkeun ti odo , eta mamat langsung ka kamar bari ku panasaran naon eusi serat, teras maca serat anu ti Mimin  "assalamualaikum,  kang mamat kumaha damang? Alhamdulillah serat atos di baca ku abi,  Hatur nuhun sateu acan na atos ngungkapkeun cinta na ka abi ,tapi abi nyuhunkeun hapunteun sateu acan na deui, teu  tiasa nampi cinta kang mamat. Alasan na mah abi teu tiasa cinta ka akang kapedah abi atos aya calon kangge ngabimbing kaluarga anu sakinah mawadah warahmah. Enjing abi bade dilamar sareung pameget anu siap nampi abi sa aya na. Tapi akang teu kenging katingaleun shalat berjamaah di masjid,pangaosan, sareung ngaos al quran na sing lewih getol pisan ti batan pas bogoh ka abi, emang abi terang sadayana ibadah anu dilakukeun ku akang supaya neng resep ka akang. Abi sakali deui nyuhunkeun hapunteun teu tiasa nampi cinta na akang. Neng didieu ngarep ka akang supaya tiasa di janteun kabiasaan ka akang na,anu pernah di laksankeun ku akang kapedah cinta ka neng, abi alim akang janteun ngajauhan kanu atos di lakukeun kangge neng , sapertos solat berjamaah,  tadarusan,ngiring  pangajian sareung sajabana. Sareung ieu anu paling penting na mah teu kenging putus silahturahmi sareung neng , neng alim akang janteun ngewa ka neng, insyaallah mudah-mudahan akang menangkeun anu langkung sae ti neng. Sakitu serat ti neng hapunteun akangnya 
Wassalamualaikum " pas atos maca serat ieu mamat lalungse , tapi anjeun na ngajaga amanat anu ti neng Mimin nyaeta shalat berjamaah, ngaos alquran, sareung sajabana . Padahal na mah Mamat atos meser kitab Alfiyah kangge di talar ku anjeun na, supaya di widian ku pak ustadz zaelani kangge ngalamar neng Mimin. Ngan aye na mamat bade di talar we eta Alfiyah kangge kahirupan ka harep na. Salama 5 tahun mamat neangan elmu agama, anjeun ayena janteun ustadz sareung atos gaduh boji anu langkung geulis ti batan neng mimin, tapi tetep anjeun na teu tiasa ngalupakeun cinta na ka neng mimin, mung aye na cuman tiasa silahturahmi sareung janteun dulur anu saling ngajaga tina kapaseaan.

Tidak ada komentar: